Jumat, 12 Mei 2017

ANAKING

Anaking jimat awaking
Waktu hidep di kakandung salapan bulan
Kacape, ka susah taya ngarasula
Estuning hirup pinuh harepan

Anaking jimat awaking
Sok sanajan kasusah hirup marengan
Tapi ka cinta, kaasih taya sudana
Pageuh geugeut meuilit rasa
Image result for gambar tentang cinta ke anak
Anaking jimat awaking
Tumuwuh hirup di alam nyata
Kapeurih, kasedih, hanjelu maturan
Tetep anjeun jimat awaking

Anaking jimat awaking
Muga kainget dihijina mangsa
Kacinta, kaasih tumplek sagemlengna
Nya ka anjeun pupusti nya diri

"Manusa teu aya anu sampurna, hayu urang silih hampura, tebrakkeun ka cinta, tebarkeun kahadean"   (love-Niki)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar