Senin, 20 November 2017

K-A-P-A-H-U-N-G

Kembang katresna mangkak ngarandakah
Mawa asih nu tringtrim lirih
Rumasa deudeuh jiwa jeung raga
Mikacinta janji subaya

Hiliwirna angin nebak datang
Nyinglarkeun sagala hareupan
Naha rasa kudu kapahung
Kupipinding kacurigaan

Halodo lantis ku hujan sapoe
Terus ngungkung dina hate
Duh Gusti sim kuring tulungan
Aya ka sedih nu teu bisa kedal

Ngapung

Hoyong ngapung ka awang-awang
Mesat mega metik bentang
Ngareureuhkeun lalungse hate
Nitipkeun rasa,
Masrahkeun carita

Duh junjunan!
Kamana rasa ieu disimpenna
Ngalayanglayung dina jajantung
Ngait dina hate
Duka iraha rengsena



Puisi lawas 13 Juni 2010
"Rasa sono anu ngageugeudur ngait meulit dina rasa"

Cinta vs Pengorbanan

Berbicara cinta tidak bisa dilepaskan dengan kata "pengorbanan".
Saat cinta memikat rasa, menggelora di dada serta mengikat erat jiwa, saat itu juga ada sebuah pengorbanan yang kita berikan tanpa suatu beban dan penyesalan, tapi muncul dari ketulusan hati yang terdalam.
Saat cinta hadir bagai candu asmara, melekat erat meluluhlantakkan jiwa, saat itu pengorbanan menjadi hal yang biasa walaupun terkadang tidak sesuai dengan hati dan rasa yang terdalam.
Cinta memasung jiwa, raga membentengi rasa, dunia serasa penuh impian dan rayuan manja.
Ada harga yang harus dibayar ketika cinta mulai memainkan melodinya, dentingan suaranya membekukan logika. Siapkah kita saat pengorbanan yang diminta?


"Kawan adakalanya logika terkalahkan oleh rasa cinta, tapi sebaliknya cinta membutakan rasa, hati-hatilah dengan cinta yang kita punyai, mampukah kita menyeimbangkan antara logika dan cinta?

Kamis, 12 Oktober 2017

Kawah Bodas




Haseup ngelun mapay tepis wiring
Kaangseu walirang nojos na irung
Mapay tanjakan ambekkan nu gancang
Neuteup seukeut ngemplangna cai
 

Nyeredet dag dig dug ning hate
Aya rasa asih nu teu bisa dihalangan
Nyelesep diantara hate jeung pipikiran
Naha kunaon ngolebat dina implengan

Duh kawah bodas panineungan
Jentrengna kacapi haleuangna rasa
Meungkeut meulit sukma jeung raga
Naha anjeung ngait cumantel bae
Image result for gambar kawah putih ciwidey bandung

Ciwidey, 27 Februari 2017


 

Tanah Sunda



Tuh diditu lembur kuring pangancikan
Tanah Sunda tanah Pusaka
Titinggal karuhun mangsana baheula
Jadi warisan anak incu ayeuna

Tanah Sunda bumi Parahyiangan
Tatar Pasundan padumukan balaréa
Tangkuban parahu nya ngabedega
Mawa béja éndahna carita

Hayu urang rumawat babarengan
Jaga lembur ngolah nagara
Ngudag sagala kahayang cita-cita
Kukuh péngkuh, sumangét tur daria

Hayu urang angkat darajatna
Piara pakaya rumawat ngariksa
Mun teu ku urang rék kusaha
Mun teu ayeuna rék iraha deui?

Yu batur-batur urang singkil babarengan
Yu batur-batur urang udag pangharepan
Satia satuhu yakinkeun niatan
Mulang tarima ngangkat darajat wibawa.



Bandung, 30 Juli 2017
"spesial SMUK-1 lomba PPKn"

Peupeujeuh

Peupeujeuh keur hidep anaking,
inget hirup mah moal salawasna bagja
kadang gumbira tur senang
kadang lara tunggara marengan
kapeurih, kanyeuri maturan

Hidep sing kuat anaking
teruskeun tapak tinggalkeun rurudet
sanghareupan sagala cocoba
ku hate nu iklas tur pasrah nya diri
kuat nangtung ngabedega
tembongkeun sumanget nu ngagegedur
udag impian tur harepan
dibarengan ku kayakinan anu kuat
tong penggas pangharepan
anu neukteuk sagala kahayang
misahkeun raga jeung cita-cita

Hirup sing yakin anaking
ulah sok kabawa kusakaba-kaba
hirup mah aya anu ngaturna
bagja, cilaka, jodo tur pati
anging Gusti anu ngaturna


"harepan pasti aya, asal urang daek usaha"

Selasa, 06 Juni 2017

Angin Katineung

Kamari runtuyan carita rek dipapalerkeun
Bongan mawa rasa anu peurih
Teu walakaya nyinglarkeun kabeurat
Miceunkeun tanggungan nu nyaliara

Batin ngaheruk ceurik sumegruk
Nya kamana rek nyiruruk
Nyinglarkeun kahieum hate
Ngabudalkeun lalungse hate

Duh gamparan!
Kunaon salira ngabedega
Datang nyirungan deui katineung
Ngarekahan dina jajantung


-- sajak lawas, 14 Januari 2011--