Senin, 30 Januari 2017

M-a-n-t-e-n-n-a

Dirungrum halimun dipepende simpena hate
Aya carita anu teu kebat ka ucap
Hasil gambar untuk gambar orang ber doakabengbat lamunan, kapahung nya pipikiran
Raga teu bisa kompromi jeung rasa
Sagunung kahayang penggas bolay
Sagedena cita-cita pupus taya harepan
Katalimbeng ku asa, kasieun anu akhirna ngadatangan
Nya engapan asa aya nu nindihan
Teu kocap carita heurin ku letah

Kamana nyangsangkeun ieu rasa
Nu ngabulen raga katut sukmana
Kamana muntangkeun harepan
Nu ngusik-ngusik mapaes nya diri
Mung ka Gusti anu maha welas
Satia satuhu ka umatna
Moal dipohokeun dituyun dituntun
Dipikaasih, dipiara, dipikacinta
Salawasna teu laas taya sudana




"Hatur nuhun Gusti"

Geura Tobat

Rarasan hirup masih pecat sawed
Padahal mah geuning tunggang gunung
Maju kasareupna, meh rek surup
Teu kawasa ngungkulanana

Ieu lain dongeng atawa carita
Anu loba pamohalanana
Tapi nyata tur karasa
Hirup mah aya anu ngaturna

Moal bisa ditawar dipenta
Ditukeuran ku banda sagala rupa
Estuning taya daya upaya
Mun Anjeunna kocap nyarita

Hayu urang tobat ka Pangeran
Mumpung waktu masih aya
Lolongkrang masih dibuka
Panto hampura masih lega

Tong ngalajur hawa nafsu
Kababawa ku kahayang diri
Nu ngabeungkeut nalikung hate
kaduhung mah datangna pandeuri




"Nun Gusti Rama hapunten samudaya kalepatan sadayana manusa anu teu aya daya upaya, jonjon ngalanjur nafsu teu emut nya diri, hapunten Gusti.... hapunten ......."

Pahlawan


Hasil gambar untuk Gambar perjuanganRas inget pangorbanan hirupna
Perlaya nandonkeun jiwa ragana
teu inget ka sieun maju terus
Seuneu sumanget ngagegedur

Getih ngaley ngababayah
Maseuhan taneuh bumi pertiwi
Jerit ceurik maratan langit
Ngoceak taya ubarna

Deudeuh teuing duh panutan
Raga arucutan teu mangrupa
Pasolengkrah dipakalangan
Taya tapakna di dunya

Kiwari tinggal caritana
Tetengger jadi bukti nyatana
Sinatria perlaya dibumi pertiwi
Bukti bakti bela nagara


"Semoga semua orang menyadari bahwa kemerdekaan merupakan perjuangan para pahlawan yang sudah mengorbankan nyawa, mari kita jaga bersatu dalam segala hal walaupun berbeda kita tetap Indonesia"