Rabu, 22 Februari 2017

Wakil Rahayat

Pakean perlente gayana salangit
Cenah ngakuna wawakil rahayat
Babakti hirupna keur kaadilan
Sing horeng beungeut nyanghareup ati mungkir

Mana bukti omongan anu ngahuru
Mana janji nu rek niiskeun hate
sakabehna sulaya taya nu nyata
Ngaraheutan hate menggaskeun harapan

Diuk ! sare ! tur seuri
Luhureun kasusah rahayat leutik
Nu paeh poso ngeclakkeun kesang
Nandonkeun hirup jeung impianana

Hei anjeun wawakil rahayat
Geura eling tobat ka Pangeran
Hirup mah ka tungkul ku pati
Paeh mah teu nyaho dimangsa

Pakaya, jabatan, moal dibabawa
Balik sorangan taya nu maturan
Prilaku hade tur amal ditanyakeun
Nu matak nyalametkeun eta pastina



"Berharap semua wakil rakyat akan selalu jadi teladan"

Manusa 2

Emut deui dawuhan Gusti
Yen manusa sadayana oge sami
Dicipta, dipikacinta, dipiara
Taya bedana sagambar rupi Anjeunna

Aya ku helok tumaya na diri
Naha manusa ayeuna ngarasa beda
Dumeh kaayaan tur pakaya
Anu ngungkung darajatna

Rasa aing owah gingsir
Teu malire ka batur
Cenah dirina pang punjulna
Batur mah lain bandinganana

Deudeuh teuing duh Gusti
Maha karya teu mulang tarima
Taya ka sieun ka Panyipta
Kalimpudan ku kasarakahan

Geura tobat ka Pangeran
Hirup moal megar salawasna
Aya batas tur pastina
Moal bisa dihalangan





"Sesaat ku termenung betapa manusia terkadang tidak tau diri, saat segalanya tercukupi lupa akan dirinya siapa?"