Selasa, 27 September 2016

Kayaah Kolot


Hei barudak kudu mikir!
Maneh kahutangan ka Indung ka Bapa 
Ti barang lahir tepi ayeuna
Dipiara taya ka cape ngarasula

Hei barudak kudu mikir!
Maneh kahutangan ka Indung ka Bapa
Dipikayaah taya menta pamuji
Dipikaasih taya menta wawalesna

Teu laas kahujanan
Teu gedang kaanginan
Estuning clak bodas
Kaluar tina hate sanubari nu suci

Ngorbankeun raga tur rasa
Nandonkeun sakabeh jiwana
Pikeun hiji udagan
Sangkan budak metik hasil nu sampurna 


(UTS & PHB 1617- Ruang 01)