Senin, 21 November 2016



Manusa
(awal Desember 2014)

Manusa…..! manusa!! euweuh kaéra
Bisana pepeta bari tutunjuk
Teu nolih ka batur
Luat léét késang
Nandonkeun nyawa

Hirup asa anu aing kabéh
Nu lain ukur saliwatan
Kahayang nu penting katedunan
Sagala nyampak
Sagala bruk-brak

Dasar…!! Manusa!!!!
Pipikiran katutup ku nafsu
Hate kalimpudan ku sarakah
Euweuh rasa euweuh kacinta
Komo deui pangbagéa

Teu maliré batur!
Paduli kekejet ngarégang nyawa
Ceurik balilihan teu bisa mudalkeun rasa
Harenegna taya anu ngubaran
Ngan ukur cumarita : kieu geuning rasana

Kalau semua manusia baik dan berahlak mulia niscaya damai duniaku ini, semoga ini semua bisa tercipta......"berharap"



Samagaha
(Bdg, 2 Februari 2011)


Reup peuting hate ngoléang
Ras ka diri asa nyorangan
Inget mangsa ka tukang
Diri masih lamokot ku dosa

Mun cicing pikiran ngalayang
Ngagebeg dina jajantung
Datang tumanya na hate
Nepi kamana hirup anjeun?

Angin peuting ngahiliwir
Mawa hate nu honcéwang
Lieuk lain lieuk dengeun
Ngaheruk batin ceurik sorangan


Semoga puisi ini bisa menginspirasi kita semua, bahwa hidup kita masih belum sempurna. Datang pada-Nya; berserah, berdoa, bertobat dan memohon ampun selagi ada kesempatan.