Kamis, 12 Oktober 2017

Kawah Bodas




Haseup ngelun mapay tepis wiring
Kaangseu walirang nojos na irung
Mapay tanjakan ambekkan nu gancang
Neuteup seukeut ngemplangna cai
 

Nyeredet dag dig dug ning hate
Aya rasa asih nu teu bisa dihalangan
Nyelesep diantara hate jeung pipikiran
Naha kunaon ngolebat dina implengan

Duh kawah bodas panineungan
Jentrengna kacapi haleuangna rasa
Meungkeut meulit sukma jeung raga
Naha anjeung ngait cumantel bae
Image result for gambar kawah putih ciwidey bandung

Ciwidey, 27 Februari 2017


 

Tanah Sunda



Tuh diditu lembur kuring pangancikan
Tanah Sunda tanah Pusaka
Titinggal karuhun mangsana baheula
Jadi warisan anak incu ayeuna

Tanah Sunda bumi Parahyiangan
Tatar Pasundan padumukan balaréa
Tangkuban parahu nya ngabedega
Mawa béja éndahna carita

Hayu urang rumawat babarengan
Jaga lembur ngolah nagara
Ngudag sagala kahayang cita-cita
Kukuh péngkuh, sumangét tur daria

Hayu urang angkat darajatna
Piara pakaya rumawat ngariksa
Mun teu ku urang rék kusaha
Mun teu ayeuna rék iraha deui?

Yu batur-batur urang singkil babarengan
Yu batur-batur urang udag pangharepan
Satia satuhu yakinkeun niatan
Mulang tarima ngangkat darajat wibawa.



Bandung, 30 Juli 2017
"spesial SMUK-1 lomba PPKn"

Peupeujeuh

Peupeujeuh keur hidep anaking,
inget hirup mah moal salawasna bagja
kadang gumbira tur senang
kadang lara tunggara marengan
kapeurih, kanyeuri maturan

Hidep sing kuat anaking
teruskeun tapak tinggalkeun rurudet
sanghareupan sagala cocoba
ku hate nu iklas tur pasrah nya diri
kuat nangtung ngabedega
tembongkeun sumanget nu ngagegedur
udag impian tur harepan
dibarengan ku kayakinan anu kuat
tong penggas pangharepan
anu neukteuk sagala kahayang
misahkeun raga jeung cita-cita

Hirup sing yakin anaking
ulah sok kabawa kusakaba-kaba
hirup mah aya anu ngaturna
bagja, cilaka, jodo tur pati
anging Gusti anu ngaturna


"harepan pasti aya, asal urang daek usaha"