Senin, 30 Januari 2017

Geura Tobat

Rarasan hirup masih pecat sawed
Padahal mah geuning tunggang gunung
Maju kasareupna, meh rek surup
Teu kawasa ngungkulanana

Ieu lain dongeng atawa carita
Anu loba pamohalanana
Tapi nyata tur karasa
Hirup mah aya anu ngaturna

Moal bisa ditawar dipenta
Ditukeuran ku banda sagala rupa
Estuning taya daya upaya
Mun Anjeunna kocap nyarita

Hayu urang tobat ka Pangeran
Mumpung waktu masih aya
Lolongkrang masih dibuka
Panto hampura masih lega

Tong ngalajur hawa nafsu
Kababawa ku kahayang diri
Nu ngabeungkeut nalikung hate
kaduhung mah datangna pandeuri




"Nun Gusti Rama hapunten samudaya kalepatan sadayana manusa anu teu aya daya upaya, jonjon ngalanjur nafsu teu emut nya diri, hapunten Gusti.... hapunten ......."

Tidak ada komentar:

Posting Komentar